Kamis, 05 Desember 2013

Puisi Bahasa Sunda



hirup
hirup teh cita-cita
ngudag-ngudag mangsa jeung rasa
hirup teh tunggara
upama tresna kalid sulaya
hirup teh seuneu
nu ngaduruk lulurung sukma
hirup teh ibadah
rela ihlas ngumawula







Ibun harepan
kamari rundayan katineung rek dipalerkeun
bongan mawa eurih
nu ngageuri kana ati
ngabudalkeun kingkin
jeung rambisakna rasa

tadi,
ku naon salira ngaririhan deui
mawa ibun sanajan sakeclak
nu nyirungan deui katineung
nu ngahaja rek disinglar

bulan ngalimba                                                    mapag romadhon

sanajan bulan tumunggal                                                     estu manusa di na hirupna
caangna mah bati nu hegar                                                 taya ieuh nu sampurna
bangun nu teu ngemu tunggara                                           pinuh cidra reujeung dosa
                                                                                                campelak di na polah katut basa

sanajan bulan nyorangan                                         poe ieu bulan sya'ban rengse kalakon
teu risi ngambah sagara peuting                            ayeuna urang papag bulan romadhon
nganti bentang nu baris marengan
                                                                                                bageakeun ku rupaning ibadah
nepi ka balebat nyampeur                                                   mangpaatkeun pikeun muhasabah
nyinglarkeun kahieum ati                                                     dikawit ku wening ati herang manah
antara bandung madiun                                           neda hampura na pikeun sakur laku lampah

                                                                                    wilujeng ngalaksanakeun shaum romadhon
                     lena teh leutak

leutak, leutak ieu                                                                 
mingkin pinuh karasana
nutup kana angen jeung rasa
lawang caang molongpong sakabehna
bet nutup sawarehna, ayeuna
ngeunah nu kudu disyukuran, naha bet jadi lena?
lena ieu mawa leutak
nutup mata, nutup sukma
ting tarajong
tikusruk

Naha
Naha masih aya cimata
pedah leungit rasa ka tresna
nu nyindeuk kana sukmaning wesih
pang rungrum sagara tresna
ngoleang lir haleuang leungit waditra
harewos kalbu nu ngileus
nu kari talatah nu teu keudal
Naha bet nyorang deui ka sagara tresna
nu teu mere ibar ka dir diri
numawa hemeng ngalimpudan
dina bimbang sapanjang amparan
eling laju nu bingung
numatak ngalengkeupan
paitna rasa peurihna hirup


puisi keur anjeun

Gusti naha bet asa teu puguh
Mun diri keur ngumbar rasa katresna
disusud na jajantung
ditanyakeun kasanubari
leubeung taya ngibeuran
Dina reungeut sora sakeucapan
bet asa landes misono, meulit ngait dalit ngahiji
taya daya pikeun ngalepaskeun
simpay nu geus nyangreud pageuh
marengan rasa kadeudeuh

Puisi Sunda



Hampura Gusti

Tampolana abdi boga pamenta
Ka gusti ngaharapkeun anu pangsaena
Abdi sok keuheul
Kusabab doa abdi teu dijawab
Pas abdi nyungkeun kembang
Ku gusti dipasihan kaktus
Pas abdi nyungkeun kukupu
Ku gusti dipasihan hileut
Tapi saatos eta
Kaktusna teh kembangan
kembangna sae pisan
Hileut na oge berubah
Jadi kukupu anu geulis
Hampura abdi sok keuheul ka gusti
Ayeuna abdi terang
Gusti pasti ngabulkeun pamenta abdi

Dinten Kemis
Dinten Kemis
nyaharita urang ngawitan petepang
teu nyana sami-sami ngemutan
Dinten Kemis
geuning katresna mekar na ati
teu walakayan kasiksa diri
antukna silih kedalkeun eusi ati
Kota katresna jadi saksi urang duaan silih kedalkeun katresna
Kota kaasih jadi saksi urang duaan silih tamplokeun ka sono
Dinten Kemis
Urang duaan silih pikanyaa
h









ULIN DI WALUNGAN

Ngabring arindit
arulin ka walungan seja ngojay
jleng gejebur, jleng gejebur
ngarojay patengah-tengah
ngalangkarak babalapan
papalidan ka hilirkeun
palila-lila teuleumna
icikibung peperangan
silih simbeuh silih cemplang


Bulan Masih nu Baheula

Karasa ayeuna mah Yan
lalampahan téh geus natrat
kajeueung di péngkolan

bulan béngras kénéh
nyaangan léngkah gejed urang
nu ngandelkeun gandeuang basajan

Yan bulan masih nu baheula
najan cahyana dicangkalak katunaan
wirahmana angger marengan réngkak urang
nu éstu rimbil ku harepan nu can kalakonan

puisi hidup laksana pentas



renungkan ya temen, puisi ini mengingatkan kita bahwa kehidupan tidak ada yang kekal.....



hiruk pikuk waktu bergulir….
menebas setiap kesombongan….
ego dunia menancap tajam bagai sembilu….
menyiksa hati remukkan jiwa….


lihatlah sekitar..
lepaskan pandangmu liar..
pada apa yang terjadi…
jangan kau tak peduli…


bermimpi boleh saja…
menggantungnya di angkasa…
tapi jangan kau ingkar…
karma diri bila hampiri….


karena hidup laksana pentas wayang…
yang diatur oleh sang dalang…..
kita hanya bagian cerita…
yang jalani suka duka…


tetaplah mengalir dalam cerita…
patuh pada sang pencipta…
jangan rakus akan dunia…
ingatkan mati tak bawa apa apa…