Kamis, 05 Desember 2013

Puisi Sunda



Hampura Gusti

Tampolana abdi boga pamenta
Ka gusti ngaharapkeun anu pangsaena
Abdi sok keuheul
Kusabab doa abdi teu dijawab
Pas abdi nyungkeun kembang
Ku gusti dipasihan kaktus
Pas abdi nyungkeun kukupu
Ku gusti dipasihan hileut
Tapi saatos eta
Kaktusna teh kembangan
kembangna sae pisan
Hileut na oge berubah
Jadi kukupu anu geulis
Hampura abdi sok keuheul ka gusti
Ayeuna abdi terang
Gusti pasti ngabulkeun pamenta abdi

Dinten Kemis
Dinten Kemis
nyaharita urang ngawitan petepang
teu nyana sami-sami ngemutan
Dinten Kemis
geuning katresna mekar na ati
teu walakayan kasiksa diri
antukna silih kedalkeun eusi ati
Kota katresna jadi saksi urang duaan silih kedalkeun katresna
Kota kaasih jadi saksi urang duaan silih tamplokeun ka sono
Dinten Kemis
Urang duaan silih pikanyaa
h









ULIN DI WALUNGAN

Ngabring arindit
arulin ka walungan seja ngojay
jleng gejebur, jleng gejebur
ngarojay patengah-tengah
ngalangkarak babalapan
papalidan ka hilirkeun
palila-lila teuleumna
icikibung peperangan
silih simbeuh silih cemplang


Bulan Masih nu Baheula

Karasa ayeuna mah Yan
lalampahan téh geus natrat
kajeueung di péngkolan

bulan béngras kénéh
nyaangan léngkah gejed urang
nu ngandelkeun gandeuang basajan

Yan bulan masih nu baheula
najan cahyana dicangkalak katunaan
wirahmana angger marengan réngkak urang
nu éstu rimbil ku harepan nu can kalakonan

Tidak ada komentar:

Posting Komentar